Logo
search
menuicon
thubnail
សាលាហាត់ប្រាណ
សេរីស្ទាយล์

Lalampahan Sunda

Rismayanti AW
2,029
បញ្ហាដែលបានបន្ថែម (20/ 20)
អនុញ្ញាតឱ្យចម្លើយមិនត្រឹមត្រូវ
លាក់ចម្លើយ
public quiz

បញ្ហា 1

ជ្រើសរើស

"Daun kalapa gugupay ngagupayan nu angkat" Ungkara basa di luhur kaasup kana gaya basa...

  • A. Gaya basa lalandian (metafora)
  • B. Gaya basa mijalma (personifikasi)
  • C. Gaya basa rarahulan (hiperbola)
  • D. Gaya basa rautan (eufimisme)
  • E. Gaya basa ngasor (litotes)
ហិនត៍

Pilih Jawaban anu pangbenerna

បញ្ហា 2

ជ្រើសរើស

Dina sastra Sunda, aya karya sastra nu direka dina wangun basa ugeran, tapi teu kauger ku patokan-patokan jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada, disebutna....

  • A. Guguritan
  • B. Sisindiran
  • C. Dongeng
  • D. Pupuh
  • E. Sajak
ហិនត៍

Pilih jawaban nu pangbenerna

បញ្ហា 3

ជ្រើសរើស

Hejo pagunungan paul lautan Taya Kamarasan ngan katugenahan Hejo pagunungan paul lautan Taya ketengtreman ngan ancaman Kumaha suasana nu ditunjukkeun di luhur?

  • A. Suasana tanah Sunda nu tengtrem pinuh ancaman
  • B. Suasana tanah Sunda nu endah ku pagunungan hejo
  • C. Kaayaan tanah Sunda nu keur dilanda bencana alam
  • D. Kaayaan tanah Sunda nu pinuh ku kamarasan
  • E. Kaendahan tanah Sunda nu paul lautana
ហិនត៍

Pilih jawaban nu pangbenerna!

បញ្ហា 4

ជ្រើសរើស

Ieu di handap kalimah n ngagunakeun gaya basa kadalon (pleonasme) nya eta...

  • A. Omongan manehna kadenge ku ceuli sorangan
  • B. Abdi bade ka pengker heula sakedap
  • C. Hahargaan jaman ayeuna mah geus apung-apungan
  • D. Bulan ngintip tina sela-sela mega
  • E. Lumpatna tarik kawas uncal
ហិនត៍

Pilih jawaban nu pangbenerna!

បញ្ហា 5

ជ្រើសរើស

Dina sajak, rata-rata diwangun ku opat padalisan. Nu dimaksud padalisan nya eta...

  • A. Baris
  • B. Bait
  • C. Paragraf
  • D. Alinea
  • E. Jajaran

បញ្ហា 6

ជ្រើសរើស

"Mangga taruang, punten saaya-aya wae nya. Maklum tuda mung aya sakieu-kieuna." Ungkara basa di luhur kaasup kana gaya basa...

  • A. Gaya basa rarahulan (hiperbola)
  • B. Gaya basa kadalon (pleonasme)
  • C. Gaya basa ngasor (litotes)
  • D. Gaya basa silib/sindir (alegori)
  • E. Gaya basa mijalmi (personifikasi)
ហិនត៍

Pilih jawaban nu pangbenerna !

បញ្ហា 7

ជ្រើសរើស

Sajak miboga adegan lahir jeung adegan batin. Ieu di hndap nu kaasup kana adegan lahir sajak nyaeta...iwal

  • A. Wangun (tipografi)
  • B. Pilihan kecap (diksi)
  • C. Citraan (imaji)
  • D. Gaya basa
  • E. Rasa (feeling)
ហិនត៍

Pilih jawaban nu pangbenerna !

បញ្ហា 8

ជ្រើសរើស

Ieu di handap nu teu kaasup conto kalimah parentah, nya eta...

  • A. Hayu urang tuang heula!
  • B. Geura mandi atuh bisi kabeurangan!
  • C. Indit ka ditu, ulah cicing di dieu!
  • D. Mudah-mudahan urang bisa patepung deui!
  • E. Emir, kuring hayang ngilu atuh ka imah Jajang!

បញ្ហា 9

ជ្រើសរើស

Sajak anu ngebrehkeun rasa panyajakna atawa ngagambarkeun pikiran jeung rasa panyajakna anu sipatna subjektif disebut...

  • A. Sajak Epik
  • B. Sajak Lirik
  • C. Musikalisasi sajak
  • D.Dramatisasi sajak
  • E.Parafraseu sajak
ហិនត៍

Pilih jawaban nu pangbenerna!

បញ្ហា 10

ជ្រើសរើស

Gaya basa dina sajak teh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif. Nu dimaksud harti konotatif nya eta...

  • A. Harti nu sabenerna
  • B. Harti nu bohong
  • C. Harti fiksi
  • D. Harti injeuman
  • E. Harti saayana
ហិនត៍

Pilih jawaban nu pangbenerna!

បញ្ហា 11

អូអិច

Bandung teh ibu kota provinsi Jawa Barat

ហិនត៍

Pilih bener apa salah.

បញ្ហា 12

អូអិច

Sajak teh kaasup kana karya sastra heubeul

ហិនត៍

Pilih bener apa salah.

បញ្ហា 13

អូអិច

Jante Arkidam kaasup kana jenis sajak epik

ហិនត៍

Pilih mana nu bener apa salah

បញ្ហា 14

អូអិច

Padeukeutna sora dina sajak sok disebut diksi

ហិនត៍

Pilih nu saluyu jeung pernyataan

បញ្ហា 15

អូអិច

Maca sajak ku jalan ditalar teh disebutna deklamasi sajak

ហិនត៍

Pilih pernyataan nu sesuai.

បញ្ហា 16

ឆ្លើយតបខ្លី

Jieun kalimah ngagunakeun gaya basa mijalma (personifikasi) !

  • Bulan ngintip tina sela-sela mega

  • Daun kalapa gugupay kanu angkat

  • Angin nyeot nyiuman tarang

  • Bentang tingkariceup ngiceupan nu keur duaan

  • Angin ngusapan rambut nu keur leumpang

ហិនត៍

Jawab sacara lengkep tur singget.

បញ្ហា 17

ឆ្លើយតបខ្លី

Jieun kalimah parentah, ngagunakeun kecap "geura"

  • Geura mand geus sore

  • Lamun isuk-isuk kudu geura hudang bisi kabeurangan

  • Geura diajar samemeh ulangan

  • Peuting-peuting geura sare bisi isuk kabeurangan ka sakola

  • Jadi jalma kudu geura hideng ngarah teu di cawad batur

ហិនត៍

Jawab kalayan singget!

បញ្ហា 18

ឆ្លើយតបខ្លី

Tuliskeun nu kaasup kana unsur batin sajak!

  • jejer (sense)

  • Rasa (feeling)

  • Nada (tone)

  • Amanat (itention)

ហិនត៍

Jawab kalayan singget minimal hiji !

បញ្ហា 19

ឆ្លើយតបខ្លី

Tuliskeun hiji pangarang Sunda nu hidep apal!

  • Ajip Rosidi

  • Sayudi

  • Godi Suwarna

  • Retty Isnendes

  • Etty R S

ហិនត៍

Jawab kalayan singget minimal 1 !

បញ្ហា 20

ឆ្លើយតបខ្លី

Tuliskeun hiji judul sajak Sunda nu ku hidep apal!

  • Tanah Sunda

  • Jante Arkidam

  • Do'a

  • Lalaki di Tegal Pati

  • Maung Bayangan

ហិនត៍

Jawab kalayan singget minimal 1

ក្លាសស៊ូម Google