Logo
search
menuicon
Kuis yang dibuat dengan peta eksklusif Pro Plan
Kuis terkunci karena Paket PRO telah berakhir
thubnail
Lapangan Pelang
Berurutan

Bahasa Sunda 10.07

Salsabella Mut
1
Pertanyaan yang ditambahkan (20/ 20)
Larangan jawaban yang salah
Sembunyikan jawaban
public kuis

Pertanyaan 1

Pertanyaan jawaban singkat

Karya sastra nu kaasup puisi ugeran nu tujuanna omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol disebut ...

  • Sisindiran

Pertanyaan 2

Pertanyaan jawaban singkat

Watek sisindiran nu eusina banyol sok disebut...

  • Sésébréd

  • Sesebred

Pertanyaan 3

Pertanyaan jawaban singkat

Tengetan sisindiran di handap! Aya listrik di masigit, caangna ka mana-mana. aya istri jangkung alit, karangan dina pipina Kaasup kana sisindiran naon conto di luhur?

  • paparikan

Pertanyaan 4

Pertanyaan jawaban singkat

Naon eusi wawangsalan di handap! Kendang gedé pakauman Dag dig dug rasaning ati

  • Bedug

Pertanyaan 5

Pertanyaan jawaban singkat

Aya lumut dina batu Aya kuya di muara Kedah tumut kana waktu Di dunya urang ngumbara Sisindiran di luhur ngabogaan watek ....

  • Piwuruk

Pertanyaan 6

Pertanyaan jawaban singkat

Ciri-ciri sisindiran sapadana kudu diwangun ku opat padalisan. Sapadalisan aya sabaraha engang?

  • 8 engang

Pertanyaan 7

Pertanyaan jawaban singkat

Sisindiran geus aya ti taun 1600 SM. Faktana aya dina naskah kuno. Naon ngaran naskah kunona?

  • Sanghyang Siksa Kandang Karesian

Pertanyaan 8

Pertanyaan jawaban singkat

Sisindiran asal kecapna tina . . .

  • Sindir

Pertanyaan 9

Pertanyaan jawaban singkat

Ka Bandung ge meni ulah Balik-balik rek ka mana Ka Bandung arek kuliah Balik-balik jadi Sarjana Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...

  • Rarakitan

Pertanyaan 10

Pertanyaan jawaban singkat

Naon anu disebut dibalibirkeun/teu togmol

  • diselewengkeun/teu langsung

  • dirubah/teu langsung

Pertanyaan 11

Pertanyaan jawaban singkat

Dumasar kana sifatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

  • piwuruk, silih asih, sésébréd

  • piwuruk, silih asih, sesebred

Pertanyaan 12

Pertanyaan jawaban singkat

Manila ibu kota na katampina matak isin wangsalna nya eta...

  • Filipina

Pertanyaan 13

Pertanyaan jawaban singkat

Ramo deukeut indung leungeun Sing tumut kana piwuruk Wangsalna nya eta....

  • curuk

Pertanyaan 14

Pertanyaan jawaban singkat

Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta ngandung unsur tatarucingan disebut

  • wawangsalan

Pertanyaan 15

Pertanyaan jawaban singkat

Tas Juli méméh Séptémber, putus gé teu panasaran. Eusi wawangsalan di luhur téh nya éta"

  • Agustus

Pertanyaan 16

Pertanyaan jawaban singkat

Tokyo ibu kotana, tos tepang teras paanggang. Eusi wawangsalan di luhur téh nya éta

  • Jepang

Pertanyaan 17

Pertanyaan jawaban singkat

Mawa peti dina sundung Dibawa ka Nusa Jawa Pangarti teu beurat nanggung Kabisa teu beurat mawa Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ...

  • Paparikan

Pertanyaan 18

Pertanyaan jawaban singkat

Bibika tipung tarigu Ku engkang henteu kaharti Wangsal nu bener pikeun wawangsalan di luhur nya éta ...

  • Roti

Pertanyaan 19

Pertanyaan jawaban singkat

Anténeu piring nu badag Kudu getol ka sakola. Wangsalna nyaeta

  • Parabola

Pertanyaan 20

Pertanyaan jawaban singkat

Haté bungah nempo soto Tong poho dahar cékérna Haté kuring rasa sono Hayang panggih jeung manéhna Sisindiran di luhur mangrupa sisindiran nu sipatna….

  • Silih Asih

Bagikan ke Google Classroom